Kamis, 18 Februari 2010

Bandung Jawabarat

Bandung (Éjahan Basa Indonesia heubeul: Bandoeng) mangrupakeun ibukota propinsi Jawa Barat, Indonésia. Aya di dataran luhur plateau 768 meter (mean sea level) di saluhureun laut, di daérah kaler luhurna nya eta ±1050 msl, di beulah kidul luhurna nyaéta ±675 msl, ti kordinat 107° BW (Bujur Wétan) jeung 6° 55 ’ LK (Lintang Kidul), legana kota Bandung kurang leuwih 16.767 héktar, dikuliringan ku
pagunungan, jadi mangrupakeun cekungan (Bandung Basin) sesa dano Bandung anu kabentuk alatan bituna Gunung Sunda, jumlah pangeusina kurang leuwih 2.1 yuta jiwa. Kabupatén Bandung mangrupakeun daérah "suburban" sakuriling Kota Bandung. Taun 1488, wewengkon nu kiwari disebut Bandung téh mangrupakeun wewengkon kakawasaan karajaan Sunda- Pajajaran . Dina mangsa dijajah Walanda, pamaréntah kolonial Hindia-Walandangawangun jalan nu nyambungkeun Batavia (kiwari Jakarta), Bogor,Cianjur, Bandung, Sumedang, jeung Cirebon. Hal ieu penting pikeun tumuwuhna Bandung. Malah pamaréntah jajahan geus ngarencanakeun yén wewengkon Bandung téh rék dijadikeun puseur pamaréntahan Hindia- Walanda, ngan teu jadi alatan kajadian Perang Dunya II. Can katalungtik kumaha diwangunna kota Bandung. Nu jelas, kota ieu diwangun lain dumasar paréntah Daendels (gubernur jéndral Hindia-Walanda). Kota Bandung diwangun dumasar paréntah Bupati R.A.A. Wiranatakusumah II . Sanggeus Indonesia mardika, Bandung jadi ibukota propinsi Jawa Barat. Di handap ieu dibéréndélkeun nu kungsi jadi pamingpin kota Bandung ( walikota): E.A. Maurenbrecher (1906-1907)
R.E. Krijboom (1907-1908)
J.A. van Der Ent (1909-1910)
J.J. Verwijk (1910-1912)
C.C.B. van Vlenier (1912-1913) and B. van Bijveld (1913-1920)
B. Coops (1920-1921)
S.A. Reitsma (1921-1928)
B. Coops (1928-1934)
Ir. J.E.A. van Volsogen Kuhr (1934-1936)
Mr. J.M. Wesselink (1936-1942)
N. Beets (1942-1945)
R.A. Atmadinata (1945-1946)
R. Siamsurizal Ir. Ukar Bratakusumah (1946-1949)
R. Enoch (1949-1956)
R. Priatna Kusumah (1956-1966)
R. Didi Jukardi (1966-1968)
Hidayat Sukarmadijaya (1968-1971)
R. Otje Djundjunan (1971-1976)
H. Ucu Junaedi (1976-1978)
R. Husein Wangsaatnaja (1978-1983)
H. Ateng Wahyudi (1983-1993)
Wahyu Hamidjaja (1993-1998)
Aa Tarmana (1998-2003)
H. Dada Rosada, SH,MSi (2003-kiwari)
Motto
Motto Bandung kiwari unina "Gemah Ripah Wibawa Mukti",
sakumaha nu sok kabaca dina lambang Kota Bandung, nu hartina
'TANAH SUBUR RAHAYAT MAKMUR'.
Pamaréntahan Kota Bandung dibagi kana 30 kacamatan:
Sukasari
Cidadap
Coblong
Cibeunying Kalér
Cibeunying Kidul
Sukajadi
Cicéndo
Andir
Bandung Kulon
Babakan Ciparay
Astana Anyar
Bojongloa Kalér
Bojongloa Kidul
Bandung Kidul
Régol
Léngkong
Sumur Bandung
Bandung Wétan
Kiara Condong
Batununggal
Antapani
Margacinta
Rancasari
Arcamanik
Ujungberung
Cibiru
Mandalajati
Cinambo
Gedébagé
Panyileukan
t: wikipedia sunda.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar